Untuk tampilan terbaik gunakan Google Chrome dan matikan mode gelap
Bismillaahirrohmaanirrohiim, Kalayan teu ngirangan rasa hormat simkuring kalih pun bojo, seja ngulem ka para wargi, saderek sadayana kangge rurumpaheun nyumpingan kana pangankir simkuring
السَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ
Kalayan muji kanu Maha Suci, Dzat Ilaahi Robbi anu maparinan mangpirang-pirang nikmat anu teu tiasa kawinci. Solawat kalih salam mugi dugi ka Kanjeng Nabi, teu lali ka kulawargi, tur kanggo para Ashabi, teu kalangkung ka sadaya umat Nabi anu nyekel pageuh kana Agami.
Neda agung lumur jembar pangampura rehna simkuring parantos kumawantun ngintunkeun ieu sambung layung, kahoyong mah tumarojong ngadongkapan ka bumi sewang-sewangan.
Luyu tur pinuji saupami sateuacan mios simkuring kalih pun bojo, nguriling mipir-mipir milari wargi, nyukcruk-nyukcruk maluruh dulur, mapay-mapay ngalarat sadaya baraya, seja nepangan neda pidu'ana.
Nanging jalaran ku samporetna waktos, mugia sadaya baraya kalih wargi-wargi luntur kalbu ikhlas manah kersa rurumpaheun nyumpingan kana pangankir simkuring dina acara Walimatussafar (Ibadah Haji)
Pondok Pesantren Cilenga
Tausyiah:
Drs. KH. Acep Thohir Fuad
(Ketua MUI Kab. Tasikmalaya)
Bungangan bingah kacida bakal diraraoskeun ku simkuring kalih pun bojo. Saumpami sadaya baraya kalih para wargi ngestokeun rurumpaheun dina waktosna.
Minangka khotimah tina kedal kabingah simkuring kalih pun bojo, ngahaturkeun "Timpah nuhun nu kasuhun kana kasean sadayana, Jazaakumullohu khoiron Katsiiroo"
وَالسَّلاَمُ عَلَيْكُمْ وَرَحْمَةُ اللهِ وَبَرَكَاتُهُ